Sampul buku Euweuh Nanaon, Moal Nanaon, Teu Kunanaon

Buku & Karya

Euweuh Nanaon, Moal Nanaon, Teu Kunanaon

Bahasa
Sunda
Status
SEGERA TERBIT

Ringkasan Buku

Ieu buku lain nyaritakeun euweuhna kahirupan, tapi ngajak urang mesék deui diri sorangan. Awak anu salila ieu dibungkus ku kahayang, pikiran, pangalaman, jeung rupa-rupa panghalang, lalaunan disuay sangkan katempo naon anu nyumput di jerona. Sakapeung urang ngarasa geus apal kana diri, padahal nu dipikawanoh téh ukur bungkusna. Beuki disuay, beuki karasa yén loba pisan nu salila ieu digugulung pageuh dina batin.

Dina lalampahanana, urang bakal patepung jeung kasieun, karisi, mangmang, jeung hal-hal anu sok dijauhan. Éta kabéh lain kudu dipiceun, tapi kudu disanghareupan. Tina ngahening, urang diajar ngadéngékeun nu teu kadéngé ku ceuli, ngarasakeun nu teu kabaca ku pikiran, bari nyicingkeun diri eureun sakeudeung tina raména kahirupan.

Tungtungna, jalan téh nungtun kana suwung. Lain suwung anu kosong taya harti, tapi rohangan nalika sagala papakéan diri mimiti lésot. Teu kudu jadi saha-saha, teu kudu néangan nanaon. Dina jemplingna batin, urang bisa neuteup deui hirup sakumaha ayana, bari sadar yén nu pangbeuratna téh mindeng lain kahirupan, tapi naon anu ku urang sorangan digugulung dina jero diri.

Harga

Rp 350.000