Sampul buku Swara Tuduh Ajaran Buhun

Buku & Karya

Swara Tuduh Ajaran Buhun

ISBN
978-623-5706-46-7
Bahasa
Sunda
Status
Tersedia

Ringkasan Buku

Swara Tuduh Ajaran Buhun ngajak nu maca neuleuman deui kaweruh Sunda, lain saukur minangka titinggal mangsa bihari, tapi minangka tuduh pikeun nyanghareupan kahirupan kiwari. Kang BS ngaguar tata krama, didikan atikan, kaweruh para rési miwah pandita, ogé patalina manusa jeung papada sarta alam kumbuh. Ajaran henteu eureun dina padita, sabab kaweruh manggihan hartina nalika dilakonan, kaalaman, tuluy disurupkeun dina laku diri.

Dina pedaranana, kasadaran jadi dadasar pikeun nimbang tékad, ucap, miwah lampah. Sepi jempling henteu hartina nyingkur tina karaméan, tapi ngajemplingkeun émutan jeung ngadalikeun napsu, sangkan kaweruh henteu ngan ukur nyumponan pikiran, tapi laun-laun mekar jadi kawijaksanaan. Ti dinya manusa diajar ngahargaan kahirupan bari tetep miboga kamerdékaan dina ngagunakeun akal pikirna.

Pamustunganana, ieu buku nganteur nu maca pikeun ngaca deui ka dirina. Ajaran buhun henteu disimpen pikeun dipupusti lantaran heubeulna, tapi dihirupkeun deui ngaliwatan pangalaman, tanggung jawab, jeung kasaluyuan laku. Tuduh ajaran kakara manggihan harti nalika kaweruh ngawujud dina kahirupan: ngamanusakeun kamanusaan, ngajaga alam kumbuh, sarta mawa guna jeung karahayuan pikeun sasama.

Harga

Rp 265.000